Muhammad Yusuf Pratama

ucup wisudaTk Wening tahun ajaran 2009/2010 parantos ngayakeun wisuda para putra putri anu sami belajar ngalap elmu di ieu sakola TK  Wening.

Nanging aya hiji panghanjakalna teh, ku sabab Yusuf teu tiasa ka tampi di SD negeri di Jakarta, Yusuf janten korban peraturan anu enggal anu mertelakeun yen saha bae murangkalih anu palai sakola ka SD Negeri di Jakarta dina kaping 12 juli 2010 teh yuswana kedah 6 tahun atawa langkung, sedengkeun Yusuf dina danget ieu yuswana teu acan nepi kana 6 tahun, ku sabab eta Yusuf teh teu tiasa sakola di SD Negeri di Jakarta,

Boro-boro lebet sakola SD Negeri, di proses oge di tolak sabab ceuk pangurus penerimaan murid baru di SD teh komputerna nolak sabab Yusuf yuswanan teu acan nepi kana 6 tahun.

Terpaksa Yusuf bade daftar sakola SD Negeri na di lembur da geuning ayeuna mah penerimaan murid SD Negeri di Jakarta teh Yuswana kedah 6 Tahun langkung.

Padahal Yusuf tos lulus ti TK na. Palai pisan sakola SD Negeri di Jakarta, nanging peraturan  anu ngahalangan kana pamaksudan  Yusuf.

Mmmmhhh …….Yusuf putra bapa anu pinter……., anu bageur………  sing sabar nya kasep… ulah galideur, ulah bingung…., sok sanajan teu sakola di Jakarta oge ku Bapa di do’akeun muga-muga jadi jalmi anu pinter, anu bageur ngabakti ka indung bapa, sing janten anak anu soleh, rajin solat, rajin ngaji, ulah hilap belajar… belajar… sareng belajar…

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.