GTdi ancol

lebaran di jakarta

yusuf & mamakangucup

kahatur ka sadayana……….
Boh nu ti lembur parenca, atanapi ti lembur desa kutaraja…… Wilujeng lebaran iedul fitri, minal aidin wal faidzin neda sihapunten ka sadayana tina sadayaning kalepatan anu parantos di pilampah ku sim abdi sa kulawargi, kalepatan anu karaos sareng anu teu karaos. Ku kituna hayu urang silih bebaskeun, silih merdekakeun tina sagala kakhilafan, kakaliruan, sareng tina sadaya sifat sifat anu awon. Urang raketkeun tali silaturrahmi sangkan urang tiasa bersatu, sangkan kuat, keur kamajuan para putra urang di mangsa anu bakal dongkap.

Di taun ieu mah kangucup22 teh, teu tiasa uih ka kampung parenca, jalaran aya sababaraha perkawis anu kedah di rengsekeun, ku kituna sakali deui hapunten ka sadayana, nanging sakitu oge ngiring bingah bae kasadayana muga lebaran anu bade dongkap mah tiasa langkung sae, langkung sukses, langkung bahagia tina lebaran ayeuna. Amiiiiin……..

Muhammad Yusuf Pratama

ucup wisudaTk Wening tahun ajaran 2009/2010 parantos ngayakeun wisuda para putra putri anu sami belajar ngalap elmu di ieu sakola TK  Wening.

Nanging aya hiji panghanjakalna teh, ku sabab Yusuf teu tiasa ka tampi di SD negeri di Jakarta, Yusuf janten korban peraturan anu enggal anu mertelakeun yen saha bae murangkalih anu palai sakola ka SD Negeri di Jakarta dina kaping 12 juli 2010 teh yuswana kedah 6 tahun atawa langkung, sedengkeun Yusuf dina danget ieu yuswana teu acan nepi kana 6 tahun, ku sabab eta Yusuf teh teu tiasa sakola di SD Negeri di Jakarta,

Boro-boro lebet sakola SD Negeri, di proses oge di tolak sabab ceuk pangurus penerimaan murid baru di SD teh komputerna nolak sabab Yusuf yuswanan teu acan nepi kana 6 tahun.

Terpaksa Yusuf bade daftar sakola SD Negeri na di lembur da geuning ayeuna mah penerimaan murid SD Negeri di Jakarta teh Yuswana kedah 6 Tahun langkung.

Padahal Yusuf tos lulus ti TK na. Palai pisan sakola SD Negeri di Jakarta, nanging peraturan  anu ngahalangan kana pamaksudan  Yusuf.

Mmmmhhh …….Yusuf putra bapa anu pinter……., anu bageur………  sing sabar nya kasep… ulah galideur, ulah bingung…., sok sanajan teu sakola di Jakarta oge ku Bapa di do’akeun muga-muga jadi jalmi anu pinter, anu bageur ngabakti ka indung bapa, sing janten anak anu soleh, rajin solat, rajin ngaji, ulah hilap belajar… belajar… sareng belajar…

Tari Kucing 18/05/2010/Senayan

Perlombaan Menari tingkat Taman Kanak – Kanak sejabotabek yang di selenggarakan pada hari Selasa tanggal 18 Mei 2010 di Senayan Jakarta, dimana Tk Wening ikut ambil bagian dalam lomba menari ini termasuk pula anak ku Muammad Yusuf Pratama

Salsabila anak Wa Uto

ANAK SEBAGAI TITIPAN ILLAHI

Foto001KKKKK

Babagi duit

duit kencring

duit kencring

Di jaman sarwa hararese kieu aya keneh jalmi anu kaleuwihan duit, loba banda bru di juru, bro di panto, ngarayah di tengah imah,  lbeuteung bucitreuk, rea ketan rea keton teu sirikna mani beurat beunghar ku banda.

Eta wae kamari basa kang ucup ka lembur Parenca, mani ngagimbung rahayat, nu ti kulon, ti wetan, ti kidul, sareng ti kaler, nu keur di sawah, nu keur laleumpang, kolot, budak, awewe, lalaki, mani tumplek di sisi lembur Parenca, muhun eta di peyuneun rompokna kang Uha Suhardi anu aya di tengah sawah antara lembur Parenca sareng desa Kutaraja.

Na aya naon atuh mani ku rame-rame teuing?……………………….

Sihoreng simana horeng eta geuning Bapak Haji Timu keur babagi duit di sisi lembur……..  mani ku bageur eta bapak Haji Timu teh……… eta wae sakur anu daratang ka payuneneun anjeuna di bagi duit, anu jali dewasa di bagi duit kencring Rp 10 rebuan, ari barudakna mah di bagi duit kencring Rp 5 rebuan.

Syukur kanu kawasa ditengah warga masyarakat anu keur sarusah di pilemburan, masih keneh aya jalmi anu bageur sareng sugih mukti anu dermawan anu barahan, anu bageur, anu merhatikeun rahayat anu laleutik.

Emmmmhhhh mudah-mudahan sagala kasaean Bapak Haji Timu di bales Ku Nu Kawasa, sareng muga sadaya kaikhlasan para Dermawan anu sanesna kagugah……

Lebaran 2009 di Kampung Parenca

lebaran 2009 di kutaraja

kutarajakutaraja

Foto Lebaran1430

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.